Carita Nyambung Kaduhung Bag 1



_*Carita Nyambung*_
*KADUHUNG*
Bag.1

Tisaprak manehna ditampik ku Kuring,  manehna jadi huleng jentul,  awakna leuseuh bangun pikiranna kosong, sakalina panggih di jalan mun tos mulang ti warung,  kaparengkeun pasanggrok, manehna mun melong Kuring bangun nu neundeun kanyeri,  bangun nu ngabaheum kapeurih. Seuri maur nu matak mawurkeun pipikiran Kuring.

Kuring nampik manehna,  lain pedah can boga gawe,  lain pedah anak jelema teu boga,  lain,  lain pedah dunya barana, da sarua Kuring oge anak jelema teu boga,  tuna harta sepi harti,  ngan Kuring teu luas ari kudu mungpang kana kahayang kolotna mah, pan kolot manehna mag kudu meunangkeun nu saluhurun ti manehna.

Karasa sing suriwikna eta kekecapan bapana,  nalika ngontrog Kuring,  pajarkeun anakna dipelet ku Kuring,  Kuring mah teu pantes nyanding jeung anakna pedah lulusan sakola luhur. Kuring mah pirakadar anak tukang lotek,  sakola ge ngan kur nepi ka SMP, kitu ge sakola teh di biayayan ku Uwa ti Bapa,  pedah kabeneran jadi camat.

Dua taun ngalalakon di Jakarta,  ngumaula ka dunungan,  purah gegeroh jeung sasapu,  diparengkeun dunungan haat ka Kuring,  bageur jeung nyaah,  Kuring disakolakeun nepi ka SMA,  ti harita,  bari sagawe-gawe diimah sakumaha mistina, lulus sakola SMA, kuring kataji hayang kuliah,  keunbae teu digajih ge paya dahar we,  Kuring ngurihit ka Dunungan,  diparengkeun ku Gusti Allah sagalana dilancarkeun,  ku dunungan, Kuring dikuliahkeun nepi ka lulus Sarjana.
Alhamdulillah milik mah teu pahili bagja teu pasalia.

"Nyai...  Mun bisa mah balik heulaanan,  nyelang Dua atawa Tilu Poe wae mah ka Lembur,  bebeja we kadunungan,  Ema jeung Apa hayang panggih." Sora Ema na telefon meni ngoncrang.

Sarengsena sholat Dhuha Kuring amitan ka dunungan rek mulang heula,  kabeneran dibere pere saminggu pikeun sosonoan jeung indung di Lembur,  cenah.

Nepi ka Lembur kalayan salamet,  Ema jeung Apa bangun nu bungah,  malah geus sasadian dahareun karesep Kuring oge disadiakeun,  rengse dahar balakecrakan,  Ema nangeuy jeruk pangirim ti Wa Camat,  pedah uwa Kuring jadi camat,  atuh narelah jadi Wa Camat.

"Nyai... Ulah ruwas heg,  ieuh Jang Sopian teh ayeuna gering ripuh,  mun Nyai rido jeung sadar,  longok heula sakeudeung mah,  kamari Pa Samsudin aya kana tilu kali mah unggah kadieu,  nanayakeun Nyai,  matak Ema nitah Nyai balik teh,  heueuh sakalian ema sono teh nyeta aya nu gering." Ema norostos bari mencrong ka Kuring.

Kang Pian..  Da batin mah moal bisa disilihan, najan bapa akang harita teu nyatujuan sumawona narima Kuring mah, Akang teu weleh ngancik na ati,  ngait nineung ka Salira, meulit na fikiran siang jeung wengi.
"Hey Nyai...  Kalah ngalamun, gura-giru kaituh ganti baju,  longok heula Jang Sopian jig,  keunbae bisi era mah di jajap ku Apa,  geura jig kaituh." Ema muyarkeun lamunan Kuring. Bari hayoh ngahenjig-henjig wae ka Kuring.

Hanca

#Carnyam_ananda

Artikel WARTA BASA SUNDA PURWAKARTA Lainnya :