Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2020 di Kabupatén Purwakarta aya BACIBANG
Purwakarta.21-02-2020. Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta rukun gawé jeung Musawarah Guru Mata Pangajaran (MGMP) Basa Sunda SMP/MTs ngagelar acara Déklarasi Nonoman Sunda jeung Pamasrahan Layang Pangajén Dharma Guru Basa Sunda Purwakarta 2020 dina raraga miéling poé basa indung sadunya di Aula Bank BJB Purwakarta, Jalan Jendral Sudirman Purwakarta.
"Sadaya guru basa Sunda jeung wawakil siswa sa- tatar Purwakarta hempak merbayaksa di Aula BJB Purwakarta ieu mangrupikeun bukti reureus jeung mitresna kana Basa Sunda." Ceuk Ahmad Sopian Effendi,M.Pd salaku Pupuhu MGMP Basa Sunda SMP/ MTs Kab. Purwakarta.
Runtuyan acara dikawitan ku dunga nu dipimpin ku Kang Nurwin Herwan dilajengkeun Lagu Kebangsaan Indonésia Raya nu dipandu ku Ria Rosliana,S.S. (Guru Basa Sunda SMPN 1 Purwakarta), Bénjér Pancén Pupuhu MGMP Basa Sunda Kab. Purwakarta, Biantara Dr. H Purwanto,M.Pd salaku Kepala Dinas Kab. Purwakarta.
"Kabupatén Purwakarta parantos netepkeun Perda mangrupakeun payung hukum kanggo pangajaran Basa Sunda, pami teu bisa unggal poé nyarita ku Basa Sunda atuh dina saminggu téh poé rébo atuh sadaya warga sakola kedah gunem catur maké basa Sunda ti ngawitan Kepala Sekolah, Guru, Pengawas, rapat-rapat poé rebo wajib ngagunakeun basa Sunda pan Rebo Maneuh di Sunda dina tujuh poé atikan Kabupatén Purwakarta." Ceuk Dr. H. Purwanto,M.Pd.
Salajengna Déklarasi Nonoman Sunda Purwakarta dipingpin ku Surya Direja siswa kelas 9G SMPN 1 Purwakarta diwuwuh ku kawih Sunda nu judulna Basa Cicirén Bangsa (BACIBANG) Karya Achmad Sopian Effendi,M.Pd, Aransemen Satrian Nurul Iman,S.Sn. Lagu BACIBANG ieu dumasar instruksi Kepala Dinas Pendidikan Kab. Purwakarta wajib dihaleungkeun unggal poé rebo diunggal sakola nu aya di Purwakarta.
Acara Pamasrahan Layang Pangajén Dharma Guru Basa Sunda Kab. Purwakarta 2020 nu kahiji nyaéta kanggo Bapa Nurwin Herawan dina widang atikan ti kalangan pendidik, ti mediana Kang Anto Sukanto, ti birokratna Bapa Dr. H. Purwanto,M.Pd. "Insya Alloh dirarancang unggal taun aya Layang Pangajén Dharma Guru." Ceuk A. Yogaswara,S.S,M.Pd salaku Pupuhu Panata Calagara Miéling Poé Basa Indung Sadunya Kab. Purwakarta 2020.
Pintonan sajak ti Devi (Guru Basa Sunda SMPN 3 Purwakarta) Pinunjul Maca Sajak sa Kab. Purwakarta Taun 2019 sareng kamonésan pinunjul maca sajak Sirung Sunda Pinilih 2019.

























