Sawala Budaya Dina Raraga Miěling Poě Basa Indung Sadunya



Dinten Rebo,  21 Pebruari 2018 cindek  miěling poě basa indung sadunya  basa indung sadunya. Basa indung urang Sunda těh nyaěta basa Sunda. Urang salaku urang Sunda wajib miara jeung makě basa Sunda, hususna di lingkungan kulawarga jeung umumna di lingkungan bumi tatar pasundan.Numutkeun hasil ahli panalitian basa di dunya, aya kurang leuwih 6.000 basa. Dina ahir abad ieu nu bakal nyěsa kira-kira satengahna. Artina, tilu puluh basa bakal parna dina sataunna, kaasup basa Sunda sabab teu saeutik urang Sunda henteu madulikeun nyarios basa Sunda (Majalah “Cupumanik” No. 11 dicutat ku Kang Ajip Rosidi).

Basa Sunda těh mangrupikeun basa indung urang Sunda, rěk kusaha deui ngamumulě basa Sunda těh salian ku urang Sunda. Urang ulah ěra nyarios basa Sunda.Lain  teu meunang ngagunakeun basa deungeun (basa asing), tapi urang těh hirup hususna di bumi tatar pasundan jeung umumna hirup di bumu Nagara Kasatuan Republik Indonesia. Contona teu saeutik tulisan-tulisan boh dina mědia cětak atawa media ělěktronik jeung sajabana nu makě basa deungeun. Tapi saestuna ku kamajuan jaman nu gancang robah ieu, urang těh ulah tinggaleun kudu bisa ngagunakeun (ucap jeung nulis) basa deungeun nagara lain. Malahan urang kudu leuwih wijaksana yěn ulah ngapilainkeun basa jeung budaya Sunda jeung ulah ngagulkeun basa deungeun tapi kudu saimbang jeung basa indung (hususna basa Sunda umumna basa Indonesia).

Dinas Pendidikan Kabupatěn Purwakarta rempug gawě jeung MGMP/KKG Basa Purwakarta midangkeun Sawala Budaya dina raraga miěling poě basa indung sadunya tempatna di Balě Maya Datar Purwakarta ping 24 pebruari 2018 dina jejer Mancegkeun Basa Sunda Pikeun Jadi Iděologi, Paělmuan Jeung Basa Paguneman Sapopoě.
Basana nanjung - bangsana apanjang apunjung. Hurip Sunda!





Artikel WARTA BASA SUNDA PURWAKARTA Lainnya :