II. Sirsilah jeung Runtuyan Parabupati Purwakarta


II. Sirsilah jeung Runtuyan Parabupati Purwakarta
1. Parabupati Karawang ti taun 1633 nepi ka 1950
a. Périodeu Karawang (1633 – 1821)
1. R.A.A. Singaperbangsa, jujuluk Adipati Kertabumi IV nu katelah Panembahan Singaperbangsa atanapi Éyang Manggung, putra Adipati Panatayuda. Anjeunna ngaheuyeuk Kabupatén Karawang nu puseur dayeuhna di Udug-Udug, tur bupati munggaran nu naratas ngadegkeun Kota Karawang. Kalungguhanana ti taun 1633 dugi ka taun 1679.
2. R.A.A. Panatayuda I, jujuluk Radén Anom Wirasuta, putra bupati munggaran nu ngalihkeun puseur dayeuh Karawang ti Udug-Udug ka Karawang. Kalungguhanana ti taun 1679 dugi ka taun 1721.
3. R.A.A. Panatayuda II, jujuluk Radén Jayanagara, putra bupati nu kadua. Nalika tilar dunya, anjeunna dimakamkeun di Waru Tengah, ku kituna katelah Panembahan Waru Tengah. Kalungguhanana ti taun 1721 dugi ka taun 1732.
4. R.A.A. Panatayuda III, jujuluk Radén Singanagara atanapi Radén Martanegara, putra bupati nu katilu. Nalika tilar dunya, anjeunna dimakamkeun di Waru Ilir, ku kituna katelah Panembahan Waru Ilir. Kalungguhanana ti taun 1732 dugi ka taun 1752.
5. R.A.A. Panatayuda IV, jujuluk Radén Muhamad Soléh atanapi Radén Muhamad Zainal Abidin, putra bupati nu kaopat, anu katelah Dalem Balon atanapi Dalem Sorambi. Kalungguhanana ti taun 1752 dugi ka taun 1786.
6. R.A.A. Panatayuda V, jujuluk Radén Singasari, putra bupati nu katilu. Katelah Panembahan Singasari atanapi Kiyai Sepuh. Kalungguhanana ti taun 1786 dugi ka taun 1809.
7. R.A. Suriadilaga II, putra Bupati Sumedang R.A. Suriadilaga. Taun 1813 dialihkeun janten Bupati Sukapura. Waktos tilar dunya dimakamkeun di Talun, Sumedang nu mawi katelah Dalem Talun. Kalungguhanana ti taun 1811 dugi ka taun 1813.
8. R.A. Sastradipura, putra R.A.A. Panatayuda IV. Kalungguhanana ti taun 1813 dugi ka taun 1820.
b. Périodeu Wanayasa (1821 – 1830)
9. R.A.A. Surianata, jujuluk Dalem Santri, kawitna ti Bogor janten mantu R.A. Sastradipura. Anjeunna nu ngalihkeun puseur dayeuh Kabupatén Karawang ka Wanayasa. Kalungguhanana ti taun 1821 dugi ka taun 1828.
10. R.A.A. Suriawinata, jujuluk Dalem Sholawat, kawitna ti Bogor, rai R.A.A. Surianata, teureuh Bupati Cianjur R.A. Wiratanudatar atanapi Dalem Cikundul. Anjeunna nu ngalihkeun puseur dayeuh Kabupatén Karawang ti Wanayasa ka Sindangkasih. Kalungguhanana ti taun 1829 dugi ka taun 1830.
c. Périodeu Purwakarta I (1830 – 1948)
11. R.A.A. Suriawinata, jujuluk Dalem Sholawat. Anjeunna nu munggaran naratas pangwangunan puseur dayeuh di Purwakarta. Kalungguhanana ti taun 1830 dugi ka taun 1849.
12. R.T. Sastranagara, jujuluk Radén Muhamad Enoch, paman R.A.A. Suriawinata. Waktos tilar dunya dimakamkeun di pengkereun Masjid Agung Purwakarta. Kalungguhanana ti taun 1849 dugi ka taun 1854.
13. R.T.A. Sastradiningrat I, jujuluk Radén Sumanegara atanapi Ujang Ayim. Anjeunna nu ngawangun pendopo, ngoméan Masjid Agung Purwakarta jeung alun-alun. Kalungguhanana ti taun 1854 dugi ka taun 1863.
14. R.T.A. Sastradiningrat II, jujuluk Aom Muhamad Hasan atanapi Radén Adikusuma. Anjeunna Onder Colleucteur Karawang manten, anu dileler béntang tanda jasa Ridder in de Orde van den Neder-landschen Leeuw, nu mawi katelah Dalem Bintang. Kalungguhanana ti taun 1863 dugi ka taun 1886.
15. R.T.A. Sastradiningrat III, jujuluk Apun Harun atanapi Radén Suriakusuma. Kalungguhanana ti taun 1886 dugi ka taun 1911.
16. R.T.A. Gandanegara, jujuluk Apun Ahyar. Kalungguhanana ti taun 1911 dugi ka taun 1925.
17. R.A.A. Suriamiharja, anjeunna nyangking pangkat Songsong Kuning. Kalungguhanana ti taun 1925 dugi ka taun 1942.
18. R.T. Pandu Suriadiningrat, anjeunna janten Kenco atanapi Bupati Karawang dina mangsa kakawasaan Jepang. Kalungguhanana ti taun 1942 dugi ka taun 1945.
d. Périodeu Subang (1945 – 1950)
19. R.T. Juwarsa, kalungguhanana ti taun 1945 dugi ka taun 1948.
20. Danta Ganda Wikrama, anjeunna jeneng bupati dina mangsa pamaréntahan darurat Karawang Timur. Kalungguhanana ti taun 1947 dugi ka taun 1948.
21. R. Aténg Surapraja, jujuluk Bupati Récomba. Kalungguhanana ti taun 1948 dugi ka taun 1949.
22. R. Sunarya Ronggowaluyo. Kalungguhanana ti taun 1948 dugi ka taun 1950.
23. R.M. Hasan Suria Sacakusumah, anjeunna jeneng bupati mangsa Nagara Pasundan. Kalungguhanana ti taun 1949 dugi ka 1950.
2. Parabupati Purwakarta ti taun 1950 dugi ka taun 2009.
a. Périodeu Subang (1950 – 1968)
24. R.P. Suyono Hadipranoto. Bupati munggaran Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna di Subang dumasar Undang-undang nomer 14 taun 1950. Kalungguhanana ti taun 1950 dugi ka taun 1958.
25. M. Tanu Gandawijaya, anjeunna bupati hasil pilihan DPRD. Kalungguhanana ti taun 1958 dugi ka taun 1959.
26. Tubagus Moh. Hasan Sutawinangun, kalungguhanana ti taun 1959 dugi ka taun 1966.
27. Létnan Kolonél R.H. Acu Syamsudin, kalunguhanana ti taun 1967 dugi ka taun 1968, laju jeneng Bupati Subang.
b. Périodeu Purwakarta II (1968 – 2009)
28. R.H. Sunaryo Ronggowaluyo, kalungguhanana ti taun 1968 dugi ka taun 1969.
29. Kolonél Infanteri R. Muchtar, kalungguhanana ti taun 1969 dugi ka taun 1979.
30. Kolonél Infanteri R.H. A. Abubakar, pejabat bupati ngarangkep Résidén Wilayah IV. Kalungguhanana ti taun 1979 dugi ka taun 1980.
31. Létnan Kolonél Angkatan Udara Drs. Mukdas Dasuki, kalungguhanana ti taun 1980 dugi ka taun 1982.
32. Kolonél Purnawirawan R.H. A. Abubakar, pejabat bupati ngarangkep Pembantu Gupernur Wilayah IV sareng Kepala Inspéktorat Wilayah Provinsi Jawa Barat. Kalungguhanana ti taun 1982 dugi ka taun 1983.
33. Drs. H.M. Sudarna T.M., S.H. Kalungguhanana 2 (dua) périodeu ti taun 1983 dugi ka taun 1993.
34. Drs. H. Bunyamin Dudih, S.H. Kalungguhanana 2 (dua) périodeu ti taun 1993 dugi ka taun 2003.
35. Bupati: Drs. H. Tubagus Lily Hambali Hasan. Wakil Bupati: H. Dédi Mulyadi, S.H. Kalungguhanana ti taun 2003 dugi ka taun 2008.
36. Bupati: H. Dédi Mulyadi, S.H. Wakil Bupati: Drs. H. Dudung B. Supardi, M.M. Kalungguhanana ngawitan taun 2008.
****


Artikel WARTA BASA SUNDA PURWAKARTA Lainnya :