Pelatihan Tembang :Melalui Metode Tiga Langkah dengan Pengajaran Berbasis Kurikulum
Purwakarta, Kemis, 22/08/2019, MGMP Basa Sunda Purwakarta nu dipupuhuan ku Achmad Sopian Effendi, M.Pd gawé bareng jeung Universitas Pendidikan Indonesia Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda ngagelar workshop Basa jeung Sastra Sunda pikeun Guru SD,SMP/MTs, SMA/SMK sa tatar Purwakarta.
Kagiatan ieu dilaksanakeun di Gedung Serbaguna PGRI Kacamatan Purwakarta, nu hadir 120 pamilon, Korwil Wilayah lima Wanayasa Kiarapedés, Drs. H Adé Wahyudin, M.M.Pd, Didi Garnadi, S.Pd Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, Narasumber Dr. H. Dingding Haerudin, M. Pd. Ade Sutisna, S.Pd., M.Pd.
Haris Santosa, M. Pd. Hernawan, S.Pd., M.Pd.
Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.
"Pangajaran Basa Sunda kudu bisa ngarojong Program Disdik Kabupatén, diantarana Program Selamatkan Bumi Kita ku cara ngurangan runtah plastik diantawisna." ceuk Didi Garnadi.
Dr. H Dingding Haerudin,M.Pd ngadugikeun matéri Mekarkeun Pangajaran Basa jeung Sastra Kurikulum 2013.

