CATETAN PENTING HASIL MUSAWARAH GURU BASA SUNDA
MGMP SMP/MTs. BASA SUNDA KAB. PURWAKARTA
Rebo, 17 Juli 2019
Tempat: SMP Negeri 1 Purwakarta
1 . Musawarah Pangurus MGMP pikeun Nyusun Program Taunan MGMP dilaksanakeun poé Rebo, 24 Juli 2019 (tempat teu can dijinekkeun);
2. Usulan Matéri Program ti Guru-guru:
a. Perangkat Administrasi Pangajaran Basa Sunda disusun lengkep hasil nyarungsum TIM MGMP nu saterusna didistribusikeun ka sakumna guru basa Sunda SMP/MTs. Purwakarta (stimulasi mangrupi apanggetos citakan kanggo ngawewegan KAS MGMP ti sadaya guru basa Sunda);
b. Program-program MGMP taun ajaran kamari perlu disampurnakeun dina taun ajaran 2019-2020;
c. Lawungan MGMP dilaksanakeun sabulan dua kali dina minggu ka-1 jeung minggu ka-3;
d. Optimalisasi fungsi laman(website) MGMP Basa Sunda Purwakarta, kaasup medalkeun matéri pangajaran katut bank soal basa Sunda SMP/MTs.;
e. Rencana Seminar Gabungan MGMP Basa (Sunda, Inggris,Indonesia) dilaksanakeun dina bulan basa (Oktober) 2019, guru-guru basa Sunda dipiharep ngiring aub sadayana;
f. Rencana Study Banding MGMP dilaksanakeun bulan Désembér 2019 ka Pusat Wisata Budaya Pager Ageung Tasikmalaya;
g. Pagelaran Aprésisi Basa Sunda, Désémber 2019 kudu mintonkeun Pagelaran Hasil Kréativitas Para siswa atawa para Pinunjul Sirung Sunda salaku assset MGMP basa Sunda.






