Fikmin # ULEMAN KAYAS #
Sepi
jempling di kota simping, girimis maseuhan buruan. Sedih kinkin sumanding na
diri nyawang mangsa nu geus lawas, badan anu katempuhan bongan kasasar lampah.
Sora
bedug ngahudangkeun kuring nu keur anteb neuteup kembang ros kayas ngajajar di
buruan. Rét ka jam geus panceg wanci asar, kuring gura-giru wudu muru solat
berjamaah asar di tajug jeung Ustad Tajudin. Bada asar anjeun sumping nganggo
kabaya kayas nu matak waas. Kedal lisan di gigireun kembang ros kayas di
buruan. Janji pasini rék ngajadi pasang asmara rék laksana. Ilang tanpa karana
basa anjeun jajap uleman pulas kayas disaksian nu kembang ros kayas ngajajar di
buruan.
Harepan
tinggal harepan, lamunan tinggal lamunan. Teu ka sawang jalan pangharepan teu
kadongkang jalan udagan.
Cimata
anjeun maseuhan kabaya kayas, dumareuda cumarita "Hapunten...kang".
Kuring
matung teu bisa usik jeung malik, basa muka uleman pulas kayas, "Duh
...Gusti asih téh lain nu kuring".
Tatar
Purwakarta
03032018.
21:29
Kang
Yogaswara
